Tempat Gawe




Nyobian, neger-neger maneh nulis ku basa Sunda.Sanajan bari rada inggis ku bisi rempan ku basa, hariwang lamun aya larap kalimah anu teu merenah.
Keun we lah ngarana oge keur diajar iyeuh. Cek jalma nu luhung ku pangarti mah Basa teh cenah ciciren bangsa.
Sok sanaos sabulangbentor bari jeung teu ngentep seureuh undak usuk basana oge keur diajar iyeuh.
Taya sanes ari maksadna mah hayang ngamumule kana basa sorangan.


Teu karasa geus dua taun kuring gawe di Bandung teh.
duabelas taun katukang mah kuring ngumbara ka Batawi neangan kipayah teh.
Ngan kulantaran hayang deukeut jeung kulawarga kuring ngajukeun pindah ka Bandung.
Alhamdulillah pamenta teh ditedunan.

Tempat kuli sim kuring teh di Parongpong, cimahi kapalih tonggohkeun. Pami ti arah Cimahi mah lebetna ti jalan Cihanjuang gigireun Rumah Sakit Cibabat. Aya meureun kana tilu kiloan ti Cibabat mah.

Rada di kampung tempat kuli teh,
Bandung nyingcet, keun wae nyingcet-nyingcet oge. Malah aya kauntunganana kantor nyingcet ka tonggohkeun teh.
Hawana jadi tiis, eta we AC oge jarang dihirupkeun. Sakurilingeunana kantor teh dilingkun ku kebon. Sagala rupa pepelakan patani sarupaning salada bokor, jagong, cabe jeung sajabana ngemploh hejo tukangeun kantor. Aya oge kebon nu dipelakan
kembang. Tempat gawe teh estuning jauh pisan tina banjir, teu kawas baheula di Batawi meusmeus banjir meusmeus banjir.



Mun pareng rada carangkeul panon balas nempoan monitor komputer, tinggal kaluar we nempo liwat jandela kaca. Bras tetempoan teh tembus ka kebon nu upluk-aplak, malah gunung Burangrang jeung Gunung tangkuban Parahu ge katempo ti kajauhan.


Mangga sakali-kali mah dulur-dulur sadaya amengan ka palih tonggoh.
Diantos di Parongpong.

Foto kagungan Kang Heru sareng Kang Poer

Comments

Popular posts from this blog

Met Ultah Jakarta

Semua Tentang Empat

Belajar dari Kisah Tragis Nisza Ismail dan Wang Yue