Maung Bandung



Mun ras inget ka mangsa katukang. Baheula mah hayang nongton Persib ka Siliwangi teh kajeun ngumpulkeun duit bekel sakola. Ngabelaan teu jajan jeung nikreuh ka sakola teh supaya duitna teu kacoceng. Lumayan sanajan duitna ngan saukur cukup keur meuli karcis tribun belah kaler atawa tribun kidul tukangeun gawang oge.

Resep ari nongton langsung ka stadion mah. Bisa gogorowokan sarta ajrag-ajragan nalika pamaen PERSIB ngagolkeun ka gawang lawan teh. Matak wajar lamun isukna, sora teh leungit atawa peuyeuh balas gogorowokan ngadukung Persib.
Sababaraha taun katukang, Pas kabeneran Persib tandang ka Jakarta ngalawan Persija, kuring rajeun maksakeun datang ka Lebak Bulus -home base-na Persija- da kabeneran gawe teh di Batawi. Ari pek teh salah asup. Niatna mah rek ngadukung PERSIB ngagabung jeung bobotoh ti Bandung,na ari Sup teh ka Tribun "The jak" (sebutan keur bobotoh Persija). Atuh puguh pas Persib ngagolkeun ka Persija teh kuring teu bisa surakk jeung ajrag-ajragan nemrakeun kabungah, da bisi balik tinggal ngaran alatan digebugan ku pendukung Persija.
Atuh su'ul khotimah meureun sim kuring teh...heheheeh.

Ti saprak jadi jawara ligina nu kahiji, kadieunakeun prestasi Persib teh kawilang mundur.Kamari oge sigana mah lamun taya mamala nu nimpa mah sigana mah degradasi. Teuing teu becuseun nu ngurusna atawa kumaha. Da geuning pamaen aralus barang sup ka PERSIB ngadadak garoreng maena teh. Atuh sabalikna lamun pamaen nu tadina goreng di PERSIB heg pindah ka tim batur, ngadadak alus maena teh. Matak heranna taku.

Reueus tur reugreug ningali parmaenan Persib nu geus balik deui siga ka asal. Taun ieu mah sigana aya harepan Persib teh nepi ka Senayan. Sugan we atuh nepika jadi jawara. Ngan hanjakal nempo kamari lawan Persita, sok sajan meunang 2-0, tapi sikep sababaraha pamaen teu bisa dijadikeun conto keur barudak. Aya nu cudah-ciduh, aya nu budag badug kana beungeut batur.
Aing mah maen teh kawas siga budak angon maen di tegal wae. Pan sidik ditongton ku jalma rea malah ku jalma sanagara meureun (mun barogaeun tipi ketang). Cing atuh kahayang mah meunang teh bari dibarengan ku maen anu beresih sarta ngajungjung per pley..
Tong nepika kalakuan teh ngawiwirang urang Bandung jauhna mah urang Sunda,
Meureun jadi katempona teh urang Sunda mah barangasan.
Padahal lamun sakumna pamaen geus ngetrukeun kamampuna kalayan sportif mah, najan dek eleh oge siganama lebih satria katelahna.
Da teu salawasna kudu meunang atuh. Bobotoh oge ngarti meureun.

Ah sakitu we ti sim kuring mah.
Diajar nulis ku basa Sunda teh ku alatan resep noongan Blogna Pak Tata.
Pami Maos blog anjeuna teh sok asa wararas. Sok Ras inget jeung hayang balik ka lembur. Pan raos ari di lembur mah, tiasa noongan nu mandi di tampian... :)

Comments

Popular posts from this blog

Met Ultah Jakarta

Semua Tentang Empat

Belajar dari Kisah Tragis Nisza Ismail dan Wang Yue